Budug-budug ge ka sebut bangkong. Sarwa boga kabutuh jeung kabisa. Kasebut budug pedah weh katempo jeung karaba. Da ari sora mah teu jauh beda kadengena.
"Heug dipake tah aji pamungkas aing". Jleng ka kantor nu rea reungitna, jrut ka lapang nu rea rametukna. "Jurus aing luncat pedo, metakeun nu ngeunah ceuk aing bari luncat ka nu leuwih ngeunah deui". Lalakon bangkong budug, neang nu gampangna keur ngelehkeun deungeuna.Cukup nyengir bari "Take and Goodby".
Leungit kaera, asa rumasa leuwih hade batan bangkong swieke. Ngarana ge mahluk, aya weh apesna. Basa mapatkeun aji pamungkas aya salah mantra jeung tikosewad, na ari guprak neunggar jati, teu nepi nu dijugjug, gubragna ka lemah nu jarang dielap lain suku nu tiheula, tapi sirahna nu pinuh ku akal, peupeus sirah jadi hanyir getih di kantor teh. Ceuk bangkong swike : "Dasar bangkong Budug !!"
Tidak ada komentar:
Posting Komentar