Halaman

Sabtu, 28 Januari 2012

Mun Urang Subang Rea Make Kacamata Kuda

Kacamata kuda, barang langka hese manggihana. Paling aya di Lembang, eta oge bari jeung teu jual da geus kapiheulaan ku sakadang kuda nu narik delman. Tapi.... emang lain eta maksud kuring ge. Kacamata kuda nu ieu superr hebat, leuwih edun batan nu di pake ku kuda Lembang. Malah waktu ka Meksiko baheula, basa dibanding-banding, kacamata kuda nu dipake ku urang Subang ayeuna leuwih necis batan nu dipake ku kudana kang Zorro.

Eh....enya kitu, urang Subang rea nu make ieu kacamata, apan langka pajarkeun teh. Maksud kuring, ge kitu, bakat ku langka, edun jeung necis teh, barangna teu bisa di tempo ku batur. Nu bogana weh nu ngarasakeun mah.

Jalma lian, biasa teu bisa mastikeun eta kacamata keur dipake atawa henteu. Tapi...lantaran ampir kabeh ge ngalaman make, nya apalna teh baraya nu keur dikacamata kuda tina galagat atau lalampahana. Nurutkeun panalungtikan ahli kacamata kuda asal Lembang nu katelah aki Jalangkung (punten ki diangken namina) galagat jalma nu make kacamata kuda teu beda jeung kalakuan kuda, nyaeta :

  • Teu boga kaera, da rarasaan manehna (basa paguneman jeung raja kuda) euweuh nu merhatikeun gutak gitekna atawa imbitna. Ceuk pikirna, bae weh "emang gue pikirin"
  • Teu apal kaayaan baraya gigireuna, da teu kalieuk-lieuk acan. Teuing geringna, teuing cageurna, atah nganjang, jigana mun ngarti mah "kareplah !" 
  • Tara asak tinimbangan jeung egois, ari leumpang tara luak-lieuk. Cuek weh ngingkig, nyemprung bari ngikik: kuma urang weh !
  • Mun leumpangna rata-rata lempeng jeung nyalse, karek mengkol jeung ngabret mun ku bang Kusir ditarik talina atawa dicepret pecut. Estuning moal teu boga karep sorangan.
  • Sering pisan miceun kageuleuh bari ngalampah, matak ijid nu ningali, matak bau nu ngangseu, kadang piambekeun da ucrat acret kaditu kadieu.
  • Ngabarabekeun urang lembur, mun kuda keur ngamuk abret-abretan, patatang pateteng asa jago suku hareup nyepak suku tukang oge, mantak paur nu ngadeukeutan. Karek eureun tah lamun dimumule ku nu marabana (pasti nu bogana).
  • Mun barangdahar tara protes, dibere sakarung ditarimakeun, kurang ti sakurang ditarimakeun
  • Jigana mun bisa ngomong mah pasti balaka "Asal bang Kusir senang, guwa senang-senang aja!!!"
Kitu pamanggihna, kalayan catetan panalungtikan geus dimimitian ku karuhuna mangsa ti mangratus-ratus taun katukang, diwariskeun elmuna ka aki Jalangkung.

Tah baraya ...... anu make kacamata kuda; moal dipiceun eta kacamata teh, era  disakompetdaunkeun jeung kuda bang Kusir mah. Turun atuh meureun darajat kamanusaan teh, matak diseungseurikeun sabangsa jurig jarian. (amit amit... iyyyyy)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar