Si Pitung kasohor jadi parampok, ceuk bangsa kompeni katelah banditry. Gawena ngajarah imah juragan-juragan tanah nu bandana rea.
Solehna teu diragukeun, kawani jeung kajagona lain layaneun jalma biasa. Keur urang Batawi (khususna) si Pitung "dewa penolong", na mangsana rahayat kasusahan rea nu ditulunganana. Jadi weh buronan nomer wahid keur kaom kompeni jeung juragan anu culas ka rahayat.
Tah eta teh dongeng salah saurang karuhun bangsa urang, nu jadi catur keur budak sangkan teu sieun nyanghareupan kajaliman. Jaman kiwari ge rea nu sarua jeung Si Pitung nyaeta nu kasabut pahlawan pangwangunan misalna si Dujujali. Bedana sababarahaeutik:
* si Pitung tara elat nulungan, always be the first in action, selalu hadir saat dibutuhkan. Ari Si Dujujali mah rea teuing sare na, rea teuing hudang beurangna mangkana sok ditelah pahlawan kabeurangan
* si Pitung ngalalakon dina kaayaan sadar jeung eling kanu kawasa kalayan lantaran nyaah kanu jadi baraya. Ari si Dujujali mah sabalikan rea pohona alias amnesia.
Kumaha amnesia-na si Dujujali, nyaeta kieu :
* Nu dirampok rahayat leutik nu keur kakurangan
* Nyumputna lain dinu buni, tapi di tempat caang
* Kasieuna leuwih gede pisan kanu jadi inohong jeung juragan
* Mulak cangkengna lain ditujukeun ka jalma jalim tapi rea ka jalma nu alim jeung rahayat nu keur ripuh
* Rea seuri jeung manut kanu dibaju beusi jeung ka nu rea duit rea leuitna
* Waktu hudang sarena sakarep butuhna
* Ngarondana rea pabeubeurang jeung ka tempat nu caang-caang
* Si Pitung tara nyumputkeun aran: "Ieu aing si Pitung".... Tapi Si Dujujali sok ngalandih keur dirina sorangan bari sosoak: "Ieu aing Debt Colector" "Ieu aing inohong LSM" "Ieu aing Pajuang Rahayat Leutik" "Ieu aing Polisi" "Ieu aing Tangtara" "Ieu aing Pajabat penting" jeung rupa-rupa akuan bari mancala putra mancala putri.
Mun si Pitung dihudangkeun ku rahayat leutik tara leleda, mun diguyur sok ngahatur nuhunkeun, mun aya nu nyintreuk sok ditarimakeun. Kumaha tah pahlawan urang Subang ?
Tidak ada komentar:
Posting Komentar