Halaman

Jumat, 24 Februari 2012

Deudeuh Teuing Urang Subang

Baraya.........

  • Tong nyangka hirup urang teu mais teu meuleum ku kalakuan inohong-inohong di lembur, ada aturan geus jelas: alus gorengna pamarentahan lantaran urang nu milih wakil urang di pamarentahan
  • Tong nyumput alim, tong cicingeun lamun martabat rahayat diulinkeun kunu manggung di pamarentahan; pan kasebutna oge ari bangsa teh nu boga rahayat, lain pajabat jeung panjilat
  • Ulah oge adat-adatan jeung ngarasula basa katepaan taleus ateul; apan eta teh ateul urang basa mere kapercayaan bari gagaro
  • Lantaran pilihan urang ! ieu lembur paranas tiris teu rerep-rerep ! Bongan urang salaku rahayat tara ngariksa jeung ngelingan, bongan urang sok rea ngarasa asal aman ceuk beja, bongan peureum basa mihapekeun harepan hirup ka batur
Baraya....

  • Tong kabawa sakaba-kaba ! euweuh mangpaatna ula-ilu nu teu puguh juntrung teu kaharti pikir. Da geus aya bageana nu leuwih ngarti ka anu teu kaharti.
  • Hade na mah kahareupna ! ari pipilih wakil ulah keur kapareungpeunan, bisi nu kapilih rea peureum jeung pohona
  • Leuwih hade deui ! Lamun urang nangtukeun wakil urang di pamarentahan kudu maca "bismillahirohmanirrohim", soalna ieu urusan pakait jeung panyakit kamunafekan nu ngan ukur bisa dicageurkeun ku nu kawasa. Mun teu kitu....bisi urang kasalahkeun sabab mikeun kapercayaan ka jalma nu nyatana teu amanah
Urang Subang..... damai plizzzzzz

Urang Subang Bingung !!!!

Baraya ....apal teu sasaruana antara jaman panjajahan jeung jaman kamerdekaan ? Soalna, sim kuring keur lieur jeung bingung naha asa euweuh bedana nasib rahayat Subang teh ti mangsa ka mangsana. Alesan sim kuring kieu:

  • Jaman urang dijajah ku Walanda rea dibobodo jeung dibodokeun. Kaharti maksudna mah, nyaeta sangkan teu pinter jeung teu rea codekah, sangkan teu ngaganggu usahana ngarawu kakayaan urang pikeun kapentingan hirupna kaom-kaom borjuis nu nebeng di jamana.
  • Rea rahayat digawekeun tapi hirupna disusahkeun.Tinu buruh gawena nu teu nyukupan dikudukeun mayar pajak sagala. Edan tah panjajah teh. Geus meret tanagana diporot oge banda beubeunangan kulina..
  • Lain euweuh nu senang ti urang Subang-na, da aya oge ti urang Subang nu diangkat jadi wawakil Pamarentahan Hindia Walanda. Gawena ngumpulkeun upeti/pajak tinu hasil gawe rahayat sangkan disetor. Galakna malah leuwih ti urang kompeni. Diburuhan tah ku urang Walanda, biasana mah 1/8 tina hasil gawe ngumpulkeun upeti-na. Jadi "tangan besi"-na kaom panjajah. Jadi juragan, jadi aden; para putrana dimeunangkeun ngilu sakola bareng jeung anak-anak katurunan kaom panjajah. Nu diajarkeun tangtu wae asal bisa maca jeung ngitung.
  • Geus pasti meunang kanikmatan hirup, mangkana asa bangga weh jadi pagawe-na kompeni teh, poho ka jati poho ka asal. Leungit rasa nyaah ka deungeun, teu paduli disebut hianat ka bangsana, "karep aing disebut panjilat oge"
  • Pajuang nu merjuangkeun kahirupan rakyat harita disanjung-sanjung, disumputkeun ku rahayat mangsa dianggap buron ku panjajah
Initina : Musuh rahayat dina mangsa panjajahan mangrupa bangsa deungeun nu dirojong ku baraya nu hianat ka rahayat, nu ngajilat ka bangsa deungeun sangkan kabagean kasenangan hirup. Pajuang nu ngabela rahayat jadi musuh kaom penjilat jeung kaom panjajah.

Kiwari kasebut jaman kamerdekaan, sing horeng ngan ukur bejana wungkul, alesana:

  • Masih rea keneh rahayat dibohongan ku inohong-inohong pamarentah.
  • Enya kasebutna aya pamarentahan kabupaten, tapi caritana ngan ukur babad karajaan leutik. Nu ngaraja jadi pangawasa, meunang upeti ti  unggal jalma nu jadi bawahana. Karaton ngelehkeun imah pangawasa jaman Walanda.
  • Rupa-rupa gawe bawahana, rupa-rupa oge ngaran upetina. Mun jaman panjajahan mah upeti teh dicokot langsung ka rahayat bari dipaksa, kiwari mah upeti teh bisa dicokot ukur ku tanda tangan, sabda jeung kiceup. Teu karasa ku rahayat, teu kadeuleu ku rahayat, da birokrasi-na oge teu kaharti ku rahayat mah.
  • Pajarkeun ari pamarentahan teh diadegkeun keur ngalayanan kapentingan rahayat, nu satemena nempatkeun pajabat salaku palayan rahayat. Tapi kanyataana teu kitu, sabab rea kasebutna centeng jeung palayan rahayat teh jadi "tuan besar" nu hirupna makmak mekmek.
  • Baheula mah para pajabat jeung panjilat diburuhan ku panjajah, kiwari mah diburuhan ku rahayat nu boga nagara ngalangkungan gaji jeung tunjangan saumur hirupna. Rea disenangkeun ku banda rahayatna. Teuing meureun boga elmu ucing garong; geus dibebenjokeun oge angger weh rea keneh nu pulang paling, unggah keneh ka luhur meja ngahakan peda nyesakeun tulangna jeung huluna.
  • Mun aya kasebut pajoang kalah dijejele, henteu diporo mah, pajar cenah "laaaah engke ge jempe jeung boseneun". Nu leuwih aneh, kadang pangawasa di jaman kiwari sok hariwang malah gede kasieuna ku nu ngajilat manehana. Ahirna mah nyaaaaa babagi oge, da sieun ku elmu wadul jeung rahulna kaom penjilat.
Intina : Musuh  nu ngahalang-halang kahontalna karaharjaan teh baraya-na sorangan, nu nyumput di tempat caang jeung katenjo, nu gede wawanena dina sosoak jeung pinter ngadalilna, nu teu katembong jail, aniaya jeung karepna.

Kabundel samentara mah: yen musuh rahayat teh saeunyana kiwari mah lain deungeun lain batur, tapi nu ngaku-ngaku baraya salembur nu mentingkeun pasoalaan kakawasaan jeung kanikmatan hirup pribadi.
Usum keneh rahayat dibobodo, dibohongan, jeung diporotan mah jigana teu perlu aya pamarentahan teh. Da bongan martabat rahayat sangsara, malarat jeung bodo keneh bae, oge leungiteun barokahna ti anu ngarana kamerdekaan.
Jigana tong diayakeun kue kamerdekaan teh, sangkan euweuh pajabat nu rebutan, nu paboro-boro, nu silih sigeung silih suntrungkeun, nu maling bari ngaku-ngaku keur kapentingan rahayat.
Tah......wajar na mah balik deui ka hukum rimba nu leuwih modern; nu kuat hahaok gagaplok dipikasieun, nu kuat ngawur-ngawur pur (parab hayam) nu kawasa. Jadi katingali saha lalakon, saha musuh. Teu jiga ayeuna, asa poek weh rahayat teh nyebutkeun saha nu jadi musuhna da rea dibohongan jeung dibobodo.

Naha aya nu salah dina ayana pamarentahan teh ? Euweuh. Naha rahayat nu salah ngayakeun pamarentahan? Lain................. Nu salah mah jalma-jalma nu leungit uteuk kencana, jalma-jalma nu teu uyahan, nu edan-edanan neang jalan kamakmuran.......... Nu salah mah pajoang nu kabeurangan jeung amnesia, pajoang nu rea teuing tanggah kapareungpeunan dunya.

Jadi nu kudu diusir mah jalma-jalma nu samodel kitu, nu teu pantes hirup di wewengkon Subang sabab kalakuana nu hianat ka urang lembur.

Bingung sim kuring nyieun beja neangan jalana sangkan pajabat jeung panjilat unggah ti alam poek ka alam caang bari nanggeuy karaharjaan nu diare-arep ku nu boga lembur. Ku kituna..... baraya pasti boga jalan sewang-sewangan nu merenah nu edun keur kawanguna ieu lembur jadi lembur nu karampa kamakmurana karasa ngaraharjakeun hirupna. Sangkan martabat urang Subang ajeg dina jalan nu bener nu salaras antara uteuk kenca jeung katuhuna.

Punten nu kasuhun...................Permios !!!!

Kamis, 23 Februari 2012

Mun Si Pitung Amnesia

Si Pitung kasohor jadi parampok, ceuk bangsa kompeni katelah banditry. Gawena ngajarah imah juragan-juragan tanah nu bandana rea.
Solehna teu diragukeun, kawani jeung kajagona lain layaneun jalma biasa. Keur urang Batawi (khususna) si Pitung "dewa penolong", na mangsana  rahayat kasusahan rea nu ditulunganana. Jadi weh buronan nomer wahid keur kaom kompeni jeung juragan anu culas ka rahayat.

Tah eta teh dongeng salah saurang karuhun bangsa urang, nu jadi catur keur budak sangkan teu sieun nyanghareupan kajaliman. Jaman kiwari ge rea nu sarua jeung Si Pitung nyaeta nu kasabut pahlawan pangwangunan misalna si Dujujali. Bedana sababarahaeutik:
* si Pitung tara elat nulungan, always be the first in action, selalu hadir saat dibutuhkan. Ari Si Dujujali mah rea teuing sare na, rea teuing hudang beurangna mangkana sok ditelah pahlawan kabeurangan
* si Pitung ngalalakon dina kaayaan sadar jeung eling kanu kawasa kalayan lantaran nyaah kanu jadi baraya. Ari si Dujujali mah sabalikan rea pohona alias amnesia.

Kumaha amnesia-na si Dujujali, nyaeta kieu :
* Nu dirampok rahayat leutik nu keur kakurangan
* Nyumputna lain dinu buni, tapi di tempat caang
* Kasieuna leuwih gede pisan kanu jadi inohong jeung juragan
* Mulak cangkengna lain ditujukeun ka jalma jalim tapi rea ka jalma nu alim jeung rahayat nu keur ripuh
* Rea seuri jeung manut kanu dibaju beusi jeung ka nu rea duit rea leuitna
* Waktu hudang sarena sakarep butuhna
* Ngarondana rea pabeubeurang jeung ka tempat nu caang-caang
* Si Pitung tara nyumputkeun aran: "Ieu aing si Pitung".... Tapi Si Dujujali sok ngalandih keur dirina sorangan bari sosoak: "Ieu aing Debt Colector" "Ieu aing inohong LSM" "Ieu aing Pajuang Rahayat Leutik" "Ieu aing Polisi" "Ieu aing Tangtara" "Ieu aing Pajabat penting" jeung rupa-rupa akuan bari mancala putra mancala putri.

Mun si Pitung dihudangkeun ku rahayat leutik tara leleda, mun diguyur sok ngahatur nuhunkeun, mun aya nu nyintreuk sok ditarimakeun. Kumaha tah pahlawan urang Subang ?

Rabu, 22 Februari 2012

Ajian Bangkong Budug

Budug-budug ge ka sebut bangkong. Sarwa boga kabutuh jeung kabisa. Kasebut budug pedah weh katempo jeung karaba. Da ari sora mah teu jauh beda kadengena.
"Heug dipake tah aji pamungkas aing". Jleng ka kantor nu rea reungitna, jrut ka lapang nu rea rametukna. "Jurus aing luncat pedo, metakeun nu ngeunah ceuk aing bari luncat ka nu leuwih ngeunah deui". Lalakon bangkong budug, neang nu gampangna keur ngelehkeun deungeuna.Cukup nyengir bari "Take and Goodby".

Leungit kaera, asa rumasa leuwih hade batan bangkong swieke. Ngarana ge mahluk, aya weh apesna. Basa mapatkeun aji pamungkas aya salah mantra jeung tikosewad, na ari guprak neunggar jati, teu nepi nu dijugjug, gubragna ka lemah nu jarang dielap lain suku nu tiheula, tapi sirahna nu pinuh ku akal, peupeus sirah jadi hanyir getih di kantor teh. Ceuk bangkong swike : "Dasar bangkong Budug !!"